Assalaamu ‘alaikum Warahmatullahi wabarakaatuh
Para wargi sadayana anu sami-sami hadir di ieu tempat, Alhamdulillah dina ieu kasempetan simkuring kapasihan waktos kanggo ngadugikeun perkawis DUIT
Para wargi sadayana, perlu kauninga yen urang sadayana salaku jalmi anu fakir tangtos ngabutuhkeun perkara anu namina DUIT. Naon margina? Margi sagala rupi kahayang, cita-cita, atanapi naon rupi perkara, tangtos ngabutuhkeun anu namina DUIT. Tapi kade, ulah lepat ngartoskeun, anu di maksud DUIT di dieu teh nyaeta:
- D na DO’A
- U na USAHA
- I na IMAN
- T na TAQWA
Janten leres pisan kan?
Hiji kahayang, cita-cita, atanapi naon rupi perkawis, tangtos kedah ngabutuhkeun anu namina DUIT anu nembe, margi tanpa do’a, usaha, iman, sareng taqwa tangtos hasilna moal sapertos anu ku urang dipikahoyong.
Mung sakitu anu ku simkuring tiasa di dugikeun, hapunten bilih aya cariosan anu kirang merenah. akhirul kalam
Wassalamu ‘alaikum warahmatullahi wabarakaatuh